TUTUP
SCROLL UNTUK MELANJUTKAN MEMBACA
Gabung di IDN Times

5 Contoh Naskah Drama Sunda, Punya Cerita Menarik!

Apakah kamu tertarik mengikuti drama?

Ilustrasi drama (pexels.com/cottonbro studio)

Drama menjadi salah satu bentuk seni peran dan karya sastra. Mengutip Kamus Besar Bahasa Indonesia atau KBBI, drama adalah komposisi syair atau prosa yang diharapkan dapat menggambarkan kehidupan dan watak melalui tingkah laku (peran) atau dialog yang dipentaskan. Drama akan membawa cerita atau kisah, terutama yang melibatkan konflik atau emosi, yang khusus disusun untuk pertunjukan teater.

Tentunya ada banyak sekali format drama, salah satunya menggunakan bahasa daerah. Untuk itu, berikut ini beberapa contoh naskah drama Sunda yang menarik untuk kamu simak.

1. Naskah Drama Sunda: Tugas Kelompok

Ilustrasi Teater (IDN Times/Linda Juliawanti)

Beurang eta aya lima urang rerencangan nyaeta Danu, Dina, Dita, Didi, jeung Dadang geus satuju rek ngagawekeun tugas kelompok balik sakola babarengan.

Dita: Engke urang gawean tugas sakola ieu di tempat biasa nya?

Didi: Di saung tea apa di imah si Danu?

Dita: Di saung weh deket sawah ngenaheun bari ningali pamandangan.

Dina: hayu, mun kitu mah kuring balik heulan ah rek ganti baju heula jeung daang heulan, tos kitu urang langsung nuju ka saung.

Sa geus marenehana baralik ka imahna masing-masing, jeung jam nu geus nunjukeun jam setengah opat, Dina, Dita, jeung Didi marangkat ka saung. Ngan ukur si Danu anu heunte mangkat mah sabab manehna mah kalah sare tibra nakeur jeung poho kana janjina.

Di saung.

Didi: Danu kamana nya? Tos ampir jam setengah lima ieu manehna can datang keneh wae geningan?

Dina: Boa-boa manehna pohoeun lamun ayeuna arek ngagawekeun tugas sakola babarengan.

Dita: Atawa meren parangsa manehna lamun urang teh arek ngagawekeun pr di imah manehna? Apa urang ka imahna wae nya, meren manehna keur ngadagoan urang-urang.

Dadang: Mereun oge manehna aya urusan, tapi pohoeun mere nyaho ka urang-urang. Urang dagoan weh lah sabari ngagawean tugas.

Maranehana oge opatan tuluy ngagawekeun PR babarengan bari ngadagoan kadatangan si Danu. Sageus jam tangan si dadang nunjukeun jam setengah genep, katembong ti jauh aya budak lalaki lulumpatan sabari mamawa tas sakola.

Didi: Tuh kan bener, si Danu karak ka dieu.

Dina: Eh.. Heuh. Tapi kunaon manehna lulumpatan kos kitu nya siga di udag jurig wae, make seragam sakola ongkoh deuih?

Danu: Heuy bararudak? Keur naon maraneh isuk-isuk keneh aya di saung? Apa maraneh teu sieun kaberangan asup sakolana?

Tidinya oge Dita, Dina, Didi jeung Dadang seserian mani ukey-ukeyan...

Dita: Hahaa, ieu kan sore keneh karak arek magrib, Danu. Maneh pasti karak hudang sare nya?

Dina: Makana Danu, urang kadang mah di papatahan ku kolot ulah sare burit-burit teh kos kitu!

Tidinya oge bengeut si danu beureum bakat ku era ka barudak nu araya di saung eta.

2. Naskah Drama Sunda: Ngalongok Babaturan

ilustrasi drama (pexels.com/Андрей)

Di Sakola.

Fira: (Bari ngomong na jero hate) enjing ieu tumben abdi teu ningali si dini, kamananya? Apa mereun manehna teu asup sakola, soalna tatadi teu katingalian sapotong-potong acan.

Keur kitu datang Rara..

Rara: Keur naon Fir?

Fira: Keur ngadagoan si dini yeuh!

Rara: Laina si dini keur geuring nya?

Fira: Ah piraku? Kamari abdi ka bumina, manehna teu kunanaon ah, katingali jagjag keneh!

Rara: Ih maneh mah teu percaya! Ieu kan surat izin-na bieu emina anu masihkeun ka abdi. Hayu geura urang tingali engkin uih sakola ka bumina.

Fira: Asiappp! Hayu, mumpung ayeuna teu aya les tambahan.

Rara: jam 4 nya, engke nyampeur ka bumi abdi hela.

Fira: Oke.

Di bumi Rara..

Rara: Heuy fir, maneh nyandak naon eta na keresek?

Fira: Oh ieu, abdi nyandak buah ra, keur si dini, bisi hoyong buah-buahan.

Rara: Oh.. hayu atuh urang geura-giru ka bumina.

Fira: Hayu ..

Di bumi Dini.

Fira: Assalamualaikum.. Heuy, dini kumaha kaayaana tos mendingan teu acan?

Dini: Eh aya rara, jeung fira, mangga ka lebet, alhamdulillah ayeuna mah tos rada mendingan.

Rara: Emang panyawatna naon din, asa kamari mah teu kunanaon ?

Dini: Puguh ge, ieu anemia, ra.

Fira: Wah, pasti gara-gara sering kecape-an nya?

Dini: Enya, muhun fir.

Fira: Oh nya, ieu hilap, abdi nyandak buah-buahan.

Dini: Wah, hatur nuhun nya?

Fira: Enya sami-sami.

Rara: Mugia sing buru-buru cageurnya din, supaya urang bisa ameng deui.

Dini: Muhun.

Rara: Mangkana sing tereh cageur nya!

Dini: Amin Ra.

2 jam saterusna.

Fira: Ya, ampun! Tos arek magrib, abdi kudu uwih heuka nya din.

Dini: Oke ..

Rara: Sami abdi oge, sieun si bapa neangan din.

Dini: Oke oke, nuhunnya tos nyempetkeun ngalongok ka bumi.

Fira, Rara: Nya sami-sami.

3. Naskah Drama Sunda: Tara Asup Sakola

Ilustrasi drama (pexels.com/cottonbro studio)

Beurang éta jam istirahat sakola geus nyuara, Ari, Dian, jeung Winda, keur maresen jajanan di kantin sakola bari ngararobrol.

Dialog:

Dian: Maranéh nyaho teu kunaon si Dika tara asup sakola salila tilu poé? Apa manéhna keur geuring nya?

Ari: Harita mah urang ningali manehna keur diuk ngabengong di teras imahna. Urang kungsi nanya kunaon manehna tara asup ka sakola. Manehna ukur ngajawab 'teu kunanaon" jeung alesana teh sok kaberangan wae cenah.

Winda: Hmm, moal mungkin sih manehna kaberangan wae mah, manehna kan rajin jelemana. Kosna si Dika keur aya masalah tapi manehna embungeun carita ka urang-urang?

Dian: Oh, heuh urang inget, tilu poe kamari sabalik sakola, emi urang carita lamun nempo si dika aya pasar keur mantuan emina dagang. Laina poe eta teh poe pertama manehna teu asup ka sakola nya?

Ari: Alusna mah, engke balik sakola urang kaditu yu supaya nyaho kunaon sih sabenerna si dika tara asup ka sakola teh.

Dian jeung Winda oge satuju kana usulna si ari. Sorena maranehna karumpul jeung mangkat babarengan ka imah si Dika. Di ditu maranehna ningali si Dika keur ngabereskeun dagangan emina.

Dika: Heuy barudak aya naon nya? Tumben ka darieu, hayu dariuk hela.

Dian: Urang ngan hayang nyaho, kunaon maneh tara asup sakola dik salila tilu poe noron, sabab urang nyaho maneh kan babaturan urang nu rajin, maneh keur aya masalah lain Dik?

Ari: Heuh dik, kunaon sababna maneh tara asup, mending ngomong weh ka urang-urang nu sabenerna Dik.

Dika: Punten saencana, urang sabenerna embung cumarita sabab isin ka maraneh jeung embung nyusahkeun. Urang gawe ngabantuan emi urang ajang ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can mayar, deuih karunya asa teh ningali emi urang gawe sosorangan di pasar.

Winda: Oh kitu, kumaha lamun isukan sore urang ngabantuan maneh dagang nguriling kampung ngajual sabagian dagangan maneh dik. Kumaha barudak setuju teu?

Ari, Dian: Hayu, urang setuju!

Dika: Nuhunnya barudak, maraneh emang babaturan urang anu balageur pisan.

Dika tungkul da ngarasa isin, Dian Ari, jeung Winda oge teu lila ngelus-elus pundakna si Dika.

Baca Juga: 5 Contoh Naskah Drama Singkat, Banyak Tema!

4. Naskah Drama Sunda untuk Enam Orang

ilustrasi membaca naskah dalam buku (pexels.com/minan1398)

Rana mangrupakeun sala sahiji siswi di SMA anu boga bakat tina widang seni, musik jeung sastra. Karya-karyana sering dipajang di mading sakola jeung kadang mah sok dimuat di sababaraha koran jeung majalah. Poe ayeuna rani kadatangan rerencangana ti sakolana nu hayangeun ningali karya-karya lain di bumina.

Di bumi Rana.

"Assalamualaikum..."

Rani: Mangga ka jero, eh loba babaturan. Puntennya ieu imahna sempit kieu.

Didi : Ah sarua wae. Punten oge ieu jadi ngarepotkeun Rani.

Rana: Ah teu kunanaon malah mah urang resep maraneh ulin ka imah urang jeung hayang ninggali karya urang anu laina.

Ana: Maneh emang hebat ran! Puisi sunda anu kumaneh jieun alus kacida nu dipajang di mading sakola, loba siswa anu maracana kuat calerik di dinya keneh.

Rani: Ah, bisa wae maneh ana. Urang ge masih diajar keneh. Karya urang masih eweh nanaonan lamun dibandingkeun jeung karya sastrawan laina.

Anya: Lamun terus di asah, iraha-iraha ge maneh pasti bisa nyaingan sastrawan nu kakoncara laina ran, urang yakin eta.

Zahra: Oh, Heuh urang hayang ningali karya-karya maneh nu laina ran, kajeun?

Ernita: Sakalian oge urang hayang belajar ka maneh, supaya nilai palajaran sastra urang-urang bisa naraek.

Fina: Urang oge hayang diajarkeun nyieun puisi sunda nu alus supaya engkena lamun aya ujian sastra urang teu hese-hese amat.

Rani: Mangga sok bae. Hayu atuh asup ka kamar urang! Diditu loba karya-karya urang anu tos disimpeun nu encan di publikasikeun.

Teu lila, Rani jeung sakabeh babaturana asup ningali ka kamar.

Indah: Wah, geuningan maneh jago ngalukis oge nya rani. Naha heunteu dipajang oge hasil lukisan maneh di madding sakola? Pasti loba anu rareseupeun.

Rana: Sabenerna mah eta lukisan terakhir urang, soalna bapa urang teu reseupeun lamun ningali urang ngalukis wae. Bapa urang menta supaya leuwih fokus heula ka sakola soalna lamun ngalukis teh urang mah sok bisa jam-jaman nepi ka poho kana waktu belajar.

Fina: Terus, kumaha lamun karya maneh anu sejena kos puisi jeung karya sastra anu lain?

Rana: Lamun soal eta, bapa urang teu nyahoeun, sabab lamun urang keur nyieun puisi atawa sastra laina, bapa urang nganggapna urang keur belajar.

Gita: Terus, Kumaha lamun jeung indung maneh?

Rana: Lamun indung urang mah kajeunen wae, malah mah titah ngembangkeun bakat jeung minat urang.

Kartika: Urang ngadenge-denge maneh jago oge maen gitar nya ran?

Rana: Ah, teu sajago kitu, ngan ukur sering nulis lirik lagu jeung nganyanyikeuna make gitar karesep urang ieu.

Tiara: Maneh emang hebat ran! Salain jago di sastra, jago oge maenkeun alat musik gitar.

Anya: Coba atuh nyanyikeun hiji mah lagu ciptaan maneh ran! Urang hayang ngadengekeun!

Rana: Urang heunte kitu jago nga-nyanyikeuna. Urang mah ngan saukur nyiptakeun lirik jeung nyieun arasemen musikna hungkul.

Zahra: Buru atuh Rani, ulah era-era.

Rana: Nya deuh, mun kitu mah.

Rani mulai maenkeun senar gitarna, jeung nganyanyikeun sala sahiji lagu ciptaana. Babaturana nu lain, ngan ukur ngadengekeuna sabari ngararasakeun suara petikan senar gitar jeung suara rani nu merdu. Sageus Rani beres nyani, sakabeh babaturana teleleprok kabeh.

Aina: Wah, urang jadi hayang diajar maen gitar oge euy.

Difka: Rani, bisa maneh ngajarkeun urang maen gitar?

Rani: Bisa, tapi ulah ayeuna nya? Kan isukan isuk urang aya ujian sakola..

Endita: Oh enya. Iraha-iraha engke urang ulin deui ka imah maneh.

Rana: Oke, ulah bosen-bosen ulin kadieu.

Indah: Lamun kitu, ayeuna urang baralik heulanya ran. Nuhun rani tos nyempetkeun waktuna.

Rana: Nya sabalikna...

5. Naskah Drama Sunda untuk Tujuh Orang

Ilustrasi drama (pexels.com/cottonbro studio)

Di hiji desa hirup salaki jeung pamajikan nu ges kolot, cicing ngan ukur duaan ku sabab anak-anakna sakabehna geus narikah kabeh, hiji waktu si aki keur diuk disisi teras imahna.

Aki: Mamah, coba pang cokotkeun papah ci kopi atuh!

Nene: Teu kudu nyalukan mamah sagala atuh ki, urang teh geus karolot, geus aki-aki jeung nene-nene. Barudak urang oge geus galelede malah mah geus barogaeun budak deui. Urang teh geus jadi aki-aki jeung nene-nene!

Aki: Nya tos atuh mun kitu mah, Nene pang candakeun aki kopi nya!

Nene: Memangna ibu tos katingalian kolot pisan nya pa, makana bapa nyebut ka uing teh nene-nene?

Aki: Nah, kumaha sih digeroan mamah embung, di geroan nene kalah ambek-ambekan kitu?

Kaparengan mang sakri jeung ceu odah, nu mangrupakeun tatangga sabelahna ngadenge kaributan eta tuluy maranehna nyamperkeun.

Mang Sakri: Maraneh ulah raribut wae atuh, kawas budak ngora wae nu keur bobogohan.

Aki: Hayangna mah kitu, tapi kulit geus ngendoran kieu geuning.

Ceu Odah : Memangna lamun kulit geus kendor disebut aki-aki?

Nene: Manehna tah, kalakuan jiga budak ngora wae, padahal mah ngangkat bangku letik oge geus teu bisaen kuat hitut-hitut malah mah.

Teu lila Bu Karni jeung salakina pa Eko nu mangrupakeun anak kahiji ti papasangan salaki jeng pamajikan eta datang jeung incuna nu ngarana Yuli bari nyandak oleh-oleh ti luar kota.

Bu Karni: Assalamualaikum pa bu...

Aki: Wa’alaikum salam, tos sabaraha tahun maneh tara datang nempo bapa jeung emi maneh di dieu?

Yuli: Aki mah tos pikun, karak ge keur bulan kamari da ameng kadieu.

Nene: Si aki memang geus pikun, kadang mah sok poho lamun manehna tuang nepi ka genep kali sapoe ge.

Pa Eko: Wah, lamun kieu mah engke awak bapa bisa gendut kos pamain sumo geura.

Bu Karni: Lamun bapa gendut kan engke karunya emi, ke ka senggol saetik ge bisa ngajengkang.

Nenek: Huusss, maneh pikir indung maneh ieu geus teu boga kakuatan janb ngalawan awak gendut kos sumo kitu? Tenaga ibu masih kuat keneh kos budak ngora.

Ceu Odah: Wah, Geuningan salaki jeung pamajikan teh geuningan sarua wae mani eweh nu embung eleh, ngaku-ngaku masih ngalora keneh!

Itadi beberapa contoh naskah drama Sunda untuk kamu. Kalau kamu suka naskah yang mana nih?

Baca Juga: Belajar Aksara Sunda, Kenali Jenis-jenis hingga Pedomannya!

Rekomendasi Artikel

Berita Terkini Lainnya